...
logo

DETAIL PRODUK

PANGRUMAT BASA SUNDA 2 pikeun SD/MI Kelas II (K-MERDEKA)

Kode Produk
: 0024181160
Penulis
: Tim Motekar
Tahun Terbit
: 2025

Pangrumat Basa Sunda untuk SD/MI Kelas II

 

Pangrumat Basa Sunda hartina alat atawa pakakas pikeun miara tur ngamumulé basa Sunda, kaasup sastra Sunda. Ieu buku diajengkeun pikeun mantuan murid diajar tur miara basa Sunda. Pidangan dina ieu buku dumasar kana Capaian Pembelajaran (CP) Kurikulum Merdeka Mata Pelajaran Basa Sunda SD/MI.

Matéri lulugu (ésénsial) tiap kelas béda-béda, jumlahna opat matéri, anu nyoko kana kamampuh matéahkeun téks fiksi (rékaan) jeung téks nonfiksi (kanyataan). Ieu dua warna téks téh jadi médium komunikasi basa lisan jeung tulis, boh reséptif (ngaregepkeun, maca jeung miarsa) boh produktif (nyarita jeung midangkeun, nulis).

Dumasar opat élemén kaparigelan basa, pidangan dina ieu buku dibagi jadi lima kagiatan diajar. Ari wincikan kagiatan diajarna kieu.

1.          Panitén Basa, eusina kagiatan diajar aprésiasi basa Sunda dina wangun maca atawa ngaregepkeun téks sarta maham eusina.

2.          Panyungsi Basa, eusina kagiatan diajar ngeunaan kaweruh basa atawa sastra dumasar kana téks.

3.          Panggelar Basa, eusina kagiatan diajar kedaling basa Sunda dina wangun nyarita, midangkeun, jeung nulis.

4.          Pangwuwuh Basa, eusina kagiatan diajar makéna basa minangka tambahan kana komponén kamahéran basa séjénna.

5.          Pangjembar Basa, eusina kagiatan ngalegaan diajar makéna basa dina wangun Matéri Panambah, Lembur Kuring, jeung Panglenyep (Réfléksi).

Runtuyan kagiatan diajar saperti kitu téh sajalan jeung Mo étnopédagogik génreu (MÉG) kalawan padika diajar Merrdéka (Mimiti tina diri, Éksplorasi konsép, Rohang kolaborasi, Réfléksi kaaping, Démonstrasi kontékstual, Élaborasi panyangkem, Konéksi antarmatéri, jeung Aksi nyata).


Beli Sekarang Baca
Catatan : Anda harus menginstall aplikasi e-Book Erlangga untuk bisa membaca ebook ini.

Unduh Aplikasi e-Library Erlangga

This service is only available in Indonesia Indonesia

Responsive image Responsive image Responsive image Responsive image