DETAIL PRODUK
Simpay Basa Sunda
pikeun SMP/MTs Kelas VII
Buku Simpay Basa Sunda pikeun SMP/MTs téh
disusun dumasar kana prinsip-prinsip dasar Kurikulum Merdeka, anu mekarkeun
Capaian Pembelajaran (CP)
jeung pangajaran diférénsiasi. Pidangan matéri ajar dipilih matéri nu ésénsial wungkul.
Najan kitu, aya matéri ajar anu digabungkeun lantaran dianggap
ésénsial, tapi teu kawadahan ku bab pangajaran.
Ieu buku mangrupa wahana keur para siswa dina
ngagelarkeun kompeténsi basa
jeung sastra Sunda. Matéri ajar diwujudkeun dina téks fiksi jeung téks
nonfiksi,
anu wangunna ngawengku téks lisan, téks tulis, jeung téks multimodal (gabungan
téks lisan, téks tulis, jeung visual). Ari kagiatan diajarna nyoko kana
kaparigelan
ngaregepkeun, maca, miarsa, nyarita, midangkeun, jeung nulis.
Dumasar kana wangun téks jeung kaparigelan
basa, raraga pidangan ieu buku
dibagi jadi lima widang:
Panitén Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun niténan jeung maham téks
ku cara maca, ngaregepkeun, jeung miarsa.
Panyungsi Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun maham kaweruh basa jeung
sastra.
Panggelar Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun ngedalkeun basa ku
cara nyarita, midangkeun, jeung nulis.
Pangwuwuh Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun nambahan matéri kana
panggelar basa, bisa kabasaan, atawa bisa ogé kedaling lisan jeung tulisan.
Pangjembar Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun méré wawaran panambah
ka nu geus bisa ngagelarkeun basa.
Kaunggulan ieu buku, nyaéta ngalarapkeun
pamarekan étnopédagogik génreu kalawan modél merrdéka (mimiti
tina diri, éksplorasi konsép, rohang kolaborasi,
réfléksi kaaping, démonstrasi kontékstual, élaborasi
panyangkem, konéksi antarmatéri, jeung aksi nyata).
Pikeun ngukur kamampuh siswa, dina unggal ahir
pangajaran ditambahan bagian
husus, nyaéta asésmen pangajaran, soal HOTS, soal AKM (asésmen kompeténsi
minimal), jeung motékar (praproyék).
This service is only available in Indonesia