DETAIL PRODUK
Simpay Basa Sunda
pikeun SMP/MTs Kelas VIII
Buku Simpay
Basa Sunda pikeun SMP/MTs téh disusun dumasar
kana prinsip-prinsip dasar Kurikulum Merdeka, anu mekarkeun Capaian Pembelajaran (CP)
jeung pangajaran diférénsiasi. Pidangan matéri ajar dipilih matéri nu ésénsial wungkul. Najan kitu, aya matéri
ajar anu digabungkeun lantaran
dianggap
ésénsial, tapi teu kawadahan ku
bab pangajaran.
Ieu buku mangrupa wahana keur para siswa dina ngagelarkeun kompeténsi basa
jeung sastra Sunda. Matéri ajar diwujudkeun dina téks fiksi
jeung téks nonfiksi,
anu wangunna ngawengku téks lisan, téks
tulis, jeung téks multimodal (gabungan
téks lisan, téks tulis, jeung
visual). Ari kagiatan diajarna
nyoko kana kaparigelan
ngaregepkeun, maca, miarsa,
nyarita, midangkeun, jeung nulis.
Dumasar kana wangun téks jeung kaparigelan
basa, raraga pidangan ieu buku
dibagi jadi lima widang:
Panitén Basa, nyoko
kana kagiatan diajar pikeun niténan jeung maham téks
ku cara maca, ngaregepkeun, jeung miarsa.
Panyungsi Basa, nyoko
kana kagiatan diajar pikeun maham kaweruh
basa jeung sastra.
Panggelar Basa, nyoko
kana kagiatan diajar pikeun ngedalkeun basa ku cara
nyarita, midangkeun, jeung nulis.
Pangwuwuh Basa, nyoko
kana kagiatan diajar pikeun nambahan matéri kana
panggelar basa, bisa kabasaan, atawa bisa ogé
kedaling lisan jeung tulisan.
Pangjembar Basa, nyoko
kana kagiatan diajar pikeun méré wawaran
panambah ka nu geus bisa ngagelarkeun basa.
Kaunggulan ieu buku, nyaéta ngalarapkeun
pamarekan étnopédagogik génreu kalawan modél merrdéka (mimiti tina diri, éksplorasi konsép, rohang kolaborasi,
réfléksi kaaping, démonstrasi kontékstual, élaborasi panyangkem, konéksi antarmatéri, jeung aksi nyata).
Pikeun ngukur kamampuh siswa, dina unggal ahir
pangajaran ditambahan bagian
husus, nyaéta asésmen pangajaran, soal HOTS, soal AKM (asésmen kompeténsi
minimal), jeung motékar (praproyék).
This service is only available in Indonesia