...
logo

DETAIL PRODUK

SIMPAY BASA SUNDA 3 SMP/MTs Kelas IX (K-MERDEKA)

Kode Produk
: 0034180390
Penulis
: Yayat Sudaryat | Lilis Nur Ruhiyati
Tahun Terbit
: 2024

Simpay Basa Sunda SMP/MTs kelas IX

 

Buku Simpay Basa Sunda pikeun SMP/MTs téh disusun dumasar kana prinsipprinsip dasar Kurikulum Merdeka, anu mekarkeun Capaian Pembelajaran (CP) jeung pangajaran diférénsiasi. Pidangan matéri ajar dipilih matéri nu ésénsial wungkul. Najan kitu, aya matéri ajar anu digabungkeun lantaran dianggap ésénsial, tapi teu kawadahan ku bab pangajaran. Ieu buku mangrupa wahana keur para siswa dina ngagelarkeun kompeténsi basa jeung sastra Sunda. Matéri ajar diwujudkeun dina téks fiksi jeung téks nonfiksi, anu wangunna ngawengku téks lisan, téks tulis, jeung téks multimodal (gabungan téks lisan, téks tulis, jeung visual). Ari kagiatan diajarna nyoko kana kaparigelan ngaregepkeun, maca, miarsa, nyarita, midangkeun, jeung nulis. Dumasar kana wangun téks jeung kaparigelan basa, raraga pidangan ieu buku dibagi jadi lima widang:


Panitén Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun niténan jeung maham téks ku cara maca, ngaregepkeun, jeung miarsa.

Panyungsi Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun maham kaweruh basa jeung sastra.

Panggelar Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun ngedalkeun basa ku cara nyarita, midangkeun, jeung nulis.

Pangwuwuh Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun nambahan matéri kana panggelar basa, bisa kabasaan, atawa bisa ogé kedaling lisan jeung tulisan.

Pangjembar Basa, nyoko kana kagiatan diajar pikeun méré wawaran panambah ka nu geus bisa ngagelarkeun basa.

Kaunggulan ieu buku, nyaéta ngalarapkeun pamarekan étnopédagogik génreu kalawan modél merrdéka (mimiti tina diri, éksplorasi konsép, rohang kolaborasi, réfléksi kaaping, démonstrasi kontékstual, élaborasi panyangkem, konéksi antarmatéri, jeung aksi nyata). Pikeun ngukur kamampuh siswa, dina unggal ahir pangajaran ditambahan bagian husus, nyaéta asésmen pangajaran, soal HOTS, soal AKM (asésmen kompeténsi minimal), jeung motékar (praproyék).


Beli Sekarang Baca
Catatan : Anda harus menginstall aplikasi e-Book Erlangga untuk bisa membaca ebook ini.

Unduh Aplikasi e-Library Erlangga

This service is only available in Indonesia Indonesia

Responsive image Responsive image Responsive image Responsive image