DETAIL PRODUK
Sinopsis
PANGGELAR BASA SUNDA 1 pikuen SMA/MA Kelas X
Buku Panggelar Basa Sunda pikeun SMA/SMK/MA/MAK téh disusun dumasar kana prinsip-prinsip dasar Kurikulum Merdeka, anu mekarkeun Capaian Pembelajaran (CP) jeung pangajaran diférénsiasi. Pidangan bahan ajar dipilih matéri nu ésénsial wungkul. Najan kitu, aya matéri ajar anu digabungkeun lantaran dianggap ésénsial, tapi teu kawadahan ku bab pangajaran.
Ieu buku mangrupa wahana keur para siswa dina ngagelarkeun kompeténsi basa jeung sastra Sunda. Matéri ajar diwujudkeun dina téks fiksi jeung téks nonfiksi, anu wangunna ngawengku téks lisan, téks tulis, jeung téks multimodal (gabungan téks lisan, téks tulis, jeung visual). Ari kagiatan diajarna nyoko kana kaparigelan ngaregepkeun, maca, miarsa, nyarita, midangkeun, jeung nulis.
Dumasar kana wangun téks jeung kaparigelan basa, raraga pidangan ieu buku dibagi jadi lima widang pangajaran.
• Panitén Basa pikeun niténan jeung maham téks ku cara maca, ngaregepkeun, jeung miarsa.
• Panyungsi Basa pikeun maham kaweruh basa jeung sastra.
• Panggelar Basa pikeun ngedalkeun basa ku cara nyarita, midangkeun, jeung nulis.
• Pangwuwuh Basa pikeun nambahan matéri basa, bisa kabasaan, atawa bisa ogé kedaling lisan jeung tulisan.
• Pangjembar Basa pikeun méré wawasan panambah ka murid nu geus bisa ngagelarkeun basa.
Kaunggulan ieu buku, nyaéta ngalarapkeun pamarekan étnopédagogik génreu kalawan modél merrdéka (mimiti tina diri, éksplorasi konsép, rohang kolaborasi, réfléksi kaaping, démonstrasi kontékstual, élaborasi panyangkem, konéksi antarmatéri, jeung aksi nyata).
Pikeun ngukur kamampuh siswa, dina unggal ahir pangajaran ditambahan bagian husus, nyaéta asésmen pangajaran, soal HOTS, soal AKM (asésmen kompeténsi minimal), jeung motékar (praproyék).
This service is only available in Indonesia